Féstival Budaya Kawin Batu VI
“Padahanten Saampar Samak, Ngaguar Situ Seuseupan”
Féstival budaya kawin batu téh kagiatan anu leubeut ku ajén duduluran jeung babarayaan. Lian ti éta, boga udagan ngahijikeun sajumlah budaya ngawengku ideu atawa pamikiranana kalayan sumanget “Padahanten Saampar Samak, Ngaguar Situ Seuseupan”.
Kabudayaan kawin batu gelar tina kamelang yén masarakat mangsa kiwari geus leungiteun ajén étis nu harmonis papada manusa, manusa jeung lingkunganana, sarta manusa jeung Sang Kholiqna.
Tina kereteg haté mah kawin batu téh hayang jadi kagiatan alternatif pikeun “ngawinkeun” pamikiran, raga, rasa, jeung batin, ngaliwatan média batu. Éta alat keur ngahontal tujuan malar nguatan fungsi akal séhat yén urang téh dulur sarta ngingetan deui yén urang téh masarakat nu boga kabudayaan nu luhung.
Miang tina éta kamelang, kagiatan féstival budaya kawin batu dipiharep bisa ngahudangkeun kasadaran masarakat sarta ngaraketkeun deui duduluran; pikeun layeut sauyunan dina ngahontal keadilan sosial bagi seluruh masyarakat. Tur keur kemanusian yang adil dan beradab dumasar idéologi ketuhanan yang maha esa.
Dok : @kirik.nguyuh
Sumber : @kirik.nguyuh
Festival Budaya Kawin Batu Majalengka
